Tilu taun hidep ngumpul
ngahiji dina campurna rasa
dina sedih dina bungah
ulin babalagonjangan
di kantin, di kelas, di bangku luar
nu suka bungah lulumpatan
nu sesepakan babasketan
nu ceurik dina lahunan babaturan
kabeh kabayang dina ingetan
jadi silhuet panineungan
nu moal laas ku jaman
Anaking, sirung harepan bangsa
nu gelar di jaman telepon genggam
nu lahir di wanci online
nu hirup di usum facebook
sing iatna miara raga
ulah galideur ku pangbibita
nu ngaruksak hirup - hurip jaga
Anaking,
ramekeun ieu dunya ku kahadean
eusian ku kaadilan
guluburkeun jangjang kajujuran
nu salila ieu ku ibu bapa wantikeun
di kelas-kelas hidep nu hegar
mangpaatkeun pangarti
keur jadi tuturus elmu satuluyna
ulah galideur ku panggoda jaman
nu ngaruksak jiwa jeung iman
Anaking,
Ti detik ka detik
aya catetan kahirupan
nu hamo poho dina ingetan
ulah mulang dina bimbang
ulah balik dina sedih
pileuleuyan ukur kecap
da hate teu merean
papisah ukur dina letah
jiwa urang babarengan
Anaking,
wilujeung angkat
bral geura miang
dina hate nu teteg teger
tembongkeun jati diri
di sakola hidep satuluyna
jadikeun cita-cita
titik nadir kahirupan
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar